Sony Xperia SP - Nyieun husus alat Anjeun

background image

Nyieun husus alat Anjeun

Anjeun tiasa nyaluyukeun setelan alat kanggo nyasuaikeun ka kaperluan Anjeun.

Contona, Anjeun tiasa ngarobah basa, nambah rington pribadi, atawa ngarobah

kacaangan layar.

Nyaluyukeun polumeu

Anjeun tiasa nyaluyukeun polumeu rington kanggo sauran telepon sareng bewara

kanggo musik sareng pemuter video.

Ngaluyukeun polumeu rington make kenop polumeu

Pencet tombol polumeu ka luhur atawa ka handap.

Nyetél volumeu media nu diputer nganggo konci volumeu

Mun muter tembang atanapi ningali video, pencét konci volumeu kaluhur

atanapi kahandap.

Nyaluyukeun setelan sora

Anjeun tiasa nyaluyukeun sababaraha setelan sora. Contona, Anjeun tiasa nyetel alat

Anjeun ka modeu rehe supados teu ngirining basa Anjeun keur dina rapat.

Nyetel alat anjeun ka modeu geter

Pencet kenop polumeu ka handap nepi ka nembongan di bar status.

Nyetel alat ka modeu jempe

1

Pencet kenop volumeu nepi ka alat ngageter tur muncul dina bar status.

2

Pencet deui kenop polumeu ka handap nepi ka nembongan di bar status.

Nyetel alat Anjeun ka modeu geter jeung modeu nyora

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Sora.

3

Cirian kotak centang Geter lamun ngirining.

Kaping jeung waktos

Anjeun tiasa ngagentos waktos sareng kaping dina telepon anjeun.

Pikeun nyetel tanggal sacara manual

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3

Pupuskeun tanda kotak centang Tanggal & waktu otomatis, lamun dicentang.

4

Ketok Setel tanggal.

5

Saluyukeun tanggal ku cara ngagulung ka luhur jeung ka handap.

6

Ketok Atur.

30

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nyetel waktos ku cara manual

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3

Pupuskeun tanda kotak centang Tanggal & waktu otomatis lamun dicentang.

4

Ketok Setel waktos.

5

Gulung ka luhur atawa ka handap pikeun nyaluyukeun jam sareng menit.

6

Upami tiasa, gulung ka luhur pikeun ngarobah AM ka PM, atawa sabalikna.

7

Ketok Atur.

Nyetel zoneu waktu

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Tanggal & waktos.

3

Pupus ciri kotak centang Zona waktu otomatis, lamun dicirian.

4

Ketok Pilih zona waktu.

5

Pilih hiji opsi.

Setélan rington

Pikeun nyetel rington

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Rington telepon.

3

Pilih hiji rington.

4

Ketok Rengse.

Ngaktifkeun nada toel

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Sora.

3

Cirian kotak centang Sora rampa kenop telepon jeung Sora rampa.

Pikeun milih sora bewara

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Sora > Bewara sora.

3

Pilih sora nu bade diputerkeun basa bewara datang.

4

Ketok Rengse.

Setélan layar

Pikeun nyaluyukeun kacaangan layar

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Layar > Kacaangan.

3

Buka tetengger kotak centang Luyukeun jeung kacaangan lamun dicentang.

4

Sered geseran pikeun nyaluyukeun kacaangan.

Ngurangan tingkat kacaangan bakal ningkatkeun kinerja batre.

Nyetel layar meh ngageter upami ditoel

1

Sered bar status ka handap, teras ketok > Sora.

2

Cirian kotak centang Geter mun dirampa. Layar ayeuna ngageter mun anjeun

ngetok kenop lemes sareng aplikasi nu ditangtukeun.

Ngaluyukeun waktos cicing samemeh layar dipareuman

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Layar > Sare.

3

Pilih hiji opsi.

Pikeun gancang mareuman layar, pencet sakedeung kenop daya .

Setelan basa

Anjeun tias milih basa standar kanggo alat Anjeun tur ngarobahna deui engke.

31

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngarobah basa

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Basa & input > Basa.

3

Pilih hiji pilihan.

4

Ketok OKE.

Upami Anjeun milih basa nu salah jeung teu bisa maca teks menu, panggihan tur ketok .

Teras pilih teks salaen

tur pilih entri pertama nu aya dina menu nu muka. Anjeun teras bisa

milih basa nu Anjeun hoyongkeun.

Modeu pesawat

Dina modeu pesawat, jaringan sareng panarima transmisi radio dipareuman pikeun

nyegah gangguan ka alat nu sensitip. Tapina, Anjeun masih bisa ngulinkeun kaulinan,

ngadengekeun musik, nonton video sareng eusi nu sejenna, salami sakabeh eusi ieu

disimpen dina kartu memori atawa panyimpenan internal Anjeun. Anjeun oge bisa

diingetkeun ku alarm, upami alarm diaktipkeun.

Ngaktipkeun modeu Pesawat ngurangan pamakean batre.

Pikeun ngaktipkeun modeu Pesawat

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Lainna....

3

Cirian kotak centang Modeu pesawat.

Anjeun tiasa oge mencet terus kenop daya teras pilih Modeu pesawat di menu nu muka.

Modeu sarung leungeun

Ngagunakeun modeu sarung leungeun, Anjeun bisa make sarung leungeun sareng

masih bisa nganapigasikeun layar di alat Anjeun. Mun Anjeun nganggo modeu sarung

leungeun, cincin kursor muncul di area layar nu geus diseting jang ditoel.

Ngaktipkeun modeu sarung leungeun

1

Ti Layar Utama, ketok > Setelan > Layar terus pastikeun Modeu sarung

panangan

kotak centang geus dicirian.

2

Konci layar alat Ajeun.

3

Patikeun Ajeun make sarung leungeun.

4

Gunakeun jari nu make sarung leungeun, muka konci layar. Mode sarung

leungeun diaktipkeun. Alat tetep aya dina modeu sarung leungeun nepi ka layar

kakonci deui.

Sensitipitas tergantung kana ukuran daerah kontak antara layar jeung jari nu make sarung

leungeun nu ku Anjeun gunakeun jang ngarahkeun layar. Lamun daerah kontak leutik teuing,

sensitipitas bakal leuwih leutik, jeung modeu sarung leungeun bisa wae teu aktip.