Sony Xperia SP - Batre

background image

Batre

Alat Anjeun gaduh batre nu dipasangkeun.

Ngeusi batre

Batre Anjeun tos dieusi sawareh basa Anjeun meuli alat Anjeun. Bakal butuh

sababaraha menit samemeh ikon batre nembongan di layar basa Anjeun

nyambungkeun kabel carjer ka sumber daya, sapertos liang USB atawa carjer. Anjeun

tiasa nganggo alat Anjeun pas keur di eusi. Ngeusi batre alat Anjeun dina waktos nu

lila pisan, contona, sapeupeuting, moal ngaruksak batre atawa alat.

Ngeusi batre alat anjeun

15

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

1

Colokkeun carjer ka colokan listrik.

2

Colokkeun ujung nu sejen kabel USB ka carjer (atawa ka liang USB dina

komputer).

3

Colokkeun ujung kabel nu hiji deui ka liang USB mikro dina alat anjeun,

lambang USB-na ngadep ka luhur. Lampu bewara hurung upami ngeusi aya

dimimitian.

4

Sawaktos batre alat geus dieusian pinuh, coplokkeun kabel USB tina telepon

anjeun ku cara nyabut kabel eta kaluar. Pastikeun anjeun teu nekuk konektor.

Pake carjer tur kabel USB nu disadiakeun sareng alat pikeun mastikeun ngeusi leuwih

gancang. Upami batre bener-bener soak, butuh sababaraha waktu nepi ka lampu bewara

hurung tur ikon ngeusi batre nembongan.

Bewara status lampu batre

Hejo

Tingkat eusian batre langkung ageung ti 90%

Beureum ngedip

Batre soak

Oranyeu

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 90%

Mariksa tingkat batre

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Teang terus ketok Setelan > Ihwal telepon > Status > Batre lepel.

Ningkatkeun kamampuan batre

Tips di handap ieu bisa mantuan Anjeun ningkatkeun kamampuan batre:

Sing sering ngeusi batre alat Anjeun. Ieu bakal moal mangaruhan dangka waktu

batre.

Ngundeur data ti Internet teh ngabeakkeun daya. Sawaktos Anjeun keur teu make

Internet, Anjeun bisa nyimpen daya kucara nganonaktipkeun sakabeh koneksi data

tina jaringan seluler. Setelan ieu teu nyegah alat Anjeun ti ngalirkeun data liwat

jaringan nirkabel sejenna.

Pareuman sambungan Bluetooth® sareng Wi-Fi® sawaktos Anjeun teu ngabutuhkeun

fitur ieu. Anjeun tiasa ngahurungkeun sareng mareuman leuwih gampang ti panel

Bewara ku cara nyered palang status.

Pake fitur modeu STAMINA sareng Setelan batere lemah pikeun ngurangan

pamakean batre. Anjeun bisa milih mode hemat daya nu paling cocog ka cara Anjeun

make alat Anjeun. Anjeun oge tiasa ngatur setelan kanggo unggal mode hemat daya.

Setel aplikasi singkronisasi Anjeun (nu dipake kanggo nyingkronkeun surelek,

almenak sareng kontak Anjeun) ka nyingkronkeun ku cara manual. Anjeun oge bisa

nyingkronkeun ku cara otomatis, tapi tambahkeun interpal singkronisasina.

Cek menu pamakean batre dina alat Anjeun pikeun ningali aplikasi mana nu make

daya panggedena. Batre Anjeun butuh daya nu leuwih gede sawaktos Anjeun make

aplikasi streaming video sareng musik, sapertos YouTube™. Sababaraha aplikasi nu

diundeur ti Google Play™ oge ngabutuhkeun daya nu leuwih gede.

Tutup tur kaluar ti aplikasi nu teu Anjeun pake.

Turunkeun tingkat kacaangan pintonan layar.

Pareuman alat Anjeun atawa aktipkeun setelan Modeu pesawat upami Anjeun keur

aya di hiji wewengkon nu taya jangkauan jaringanana. Upami teu kitu, alat Anjeun

bakal terus-terusan nyeken jaringan nu sadia, tur ieu ngabeakkeun daya.

Pake alat handsfree asli Sony™ pikeun ngadengekeun musik. Alat handsfree

ngabutuhkeun daya batre nu saeutik tibatan speaker alat eta sorangan.

Jieun alat Anjeun dina mode sayaga sabisana. Waktu sayaga maksudna waktos

salami alat Anjeun disambungkeun ka jaringan tapi keur teu dipake.

Nonaktipkeun wallpaper langsung.

Pikeun ngakses menu pamakean batre

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya > Batere kaanggo.

16

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Make modeu STAMINA

Aktipkeun fitur modeu STAMINA pikeun ngareureuhkeun sambungan Wi-Fi®,

patalimarga data sareng sababaraha aplikasi nu ngabeakeun daya basa layar Anjeun

keur teu aktip. Basa modeu STAMINA keur aktip, Anjeun masih keneh tiasa nampa

telepon, sareng talatah teks jeung talatah multimedia. Anjeun oge tiasa nyetel daptar

aplikasi pikeun ngidinan sababaraha aplikasi pikeun dijalankeun terus basa layar

Anjeun leur teu aktip. Basa layar jadi aktip deui, sadaya pungsi nu direureuhkeun

bakal dihanca.

Pikeun ngaktipkeun modeu STAMINA

1

Sered bar status ka handap, teras ketok .

2

Panggihan tur ketok Pangaturan daya.

3

Sered geseran nu aya di gigir modeu STAMINA ka katuhu, teras ketok

Aktipkeu

. nembongan di bar status basa modeu STAMINA diaktipkeun.

Pikeun nganonaktipkeun modeu STAMINA

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Toel nu aya di gigir modeu STAMINA.

Pikeun ngarobah setelan kanggo modeu STAMINA

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Pikeun muka menu setelan setelan, ketok modeu STAMINA.

4

Tambah atawa hapus aplikasi, sasuai ka nu dipikahoyong.

5

Sawaktos Anjeun geus salse, ketok Rengse.

Merkirakeun waktu sayaga alat Anjeun

Waktu sayaga nuduhkeun jumlah waktu batre tiasa bertahan basa alat Anjeun

disambungkeun ka jaringan tapi teu aktip dipake, contona, pikeun nampa telepon

atawa kanggo nelepon. Modeu STAMINA, basa diaktipkeun, terus-terusan

ngaevaluasi waktu sayaga nu sesa, nu mana bisa pariasi gumantung kana pamakean

ka alat Anjeun. Modeu STAMINA leuwih efektif kanggo manjangkeun waktu sayaga

upami Anjeun ngonci layar alat Anjeun. Upami Anjeun jarang pisan ngonci layar,

Anjeun moal bisa nempo peningkatan dina kinerja batre.

Basa Anjeun make alat Anjeun pertama kalina, waktu sayaga nu diperkirakeun bisa jadi teu

akurat kusabab teu aya riwayat pamakean samemehna pikeun dijadikeun awalan perkiraan.

Pikeun nempo waktu saya nu diperkirakeun

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

Make modeu batre Lemah

Anjeun tiasa ngaktipkeun fiturSetelan batere lemah pikeun ngahemat daya basa level

batre keur saeutik. Fitur ieu mantuan Anjeun pikeun nyaluyukeun setelan kanggo

kacaangan layar, patalimarga data tur pungsi geter supados Anjeun tiasa ngurangan

pamakean batre.

Pikeun ngaktipkeun modeu batre lemah

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Ketok di gigireun Setelan batere lemah, teras ketok Aktipkeu.

Pikeun nganonaktipkeun modeu batre Lemah

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Toel nu aya di gigir Setelan batere lemah.

17

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngarobah setelan kanggo modeu batre Lemah

1

Tina Layar Utama Anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok Setelan > Pangaturan daya.

3

Pikeun muka menu setelan setelan, ketok Setelan batere lemah.

4

Saluyukeun setelan sasuai ka nu dipikahoyong.

5

Sawaktos Anjeun geus salse, ketok .