Sony Xperia SP - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Otomatis superior

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Saluyukeun setelan kamera sacara manual.

Epek Gambar

Terapkeun epek ka poto.

Panorama Sapu

Pake setelan ieu pikeun nyandak poto panoramik nu sudutna gede. Pencet kenop kamera tur

pindahkeun kamera sing ajeg ti hiji sisi ka sisi nu sejen.

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera mun layar dikonci ku cara mencet jeung nahan

kenop kamera.

Jalankeun tur potret

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung motret otomatis mun layar dikonci ku

cara mencet jeung nahan kenop kamera.

Jalankeun sareng rekam video

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung mulai nyokot video mun layar dikonci ku

cara mencet jeung nahan kenop kamera.

Pareum

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

69

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nyandak gambar ku noel

Identipikasi wewengkon pokus nu biasa kucara noel layar kamera make ramo Anjeun.

Poto dicandak langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun. Setelan ieu

ngan lumaku upami modeu pokus disetel ka pokus rampa.

Sora jepret

Pilih pikeun ngahurungkeun atawa mareumankeun sora jepret basa Anjeun keur

ngarekam video.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Pungsi ieu ngaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi cahya Ikon setelan

imbangan bodas sadia dina layar kamera.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun

bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di Manual modeu motret.